IDUL FITRI WAKTUNA PIKEUN BABAGI
Ku : Penyuluh Agama Islam Kec. Lebakwangi Kab. Kuningan
السلام عليكم ورحمة الله وبراكاته
ألَحَمْدُللهِ الَّذِي جَعَلَ اليَوْمَ عِيدًا لِعِبَدِهِ المُؤمِنِينَ وَخَتَمَ بِهِ شَهْرَالصِّيَامِ لِلْمُخْلِصِيْنَ، وَجَعَلَ فِى طَاعَتِهِ عِزَّالدُّنْيَا وَالأَخِرَةِ لِلطَّائِعِينَ وَفِى مَعْصِيَتِهِ ذُلَّّ الدَّارَيْنِ لِلْعَاصِين. أَشْهَدُ أنْ لاَإلهَ إلاّاللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيكَ لَهُ شََهَادَةً بِهَا تَطْهُرُالقُلُوْبُ مِنَ الغِشِّ اللَّعِيْنَ وَأشْهَدُ أنَّ مُحَمّدًأ عَبْدُهُ وَرَسُولَهُ اَطْوَعُ الخَلْقِ لِرَبِّ العَلَمِينَ. أللّهُمَّ صَلىَّ وَسَلِّم عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَنَا مُحَمَّدوَعَلَى ألِهِ وَأصْحَابِهِ المُجَاهِدِينَ. أمَّا بَعْدُ قَالَ اللهُ تَعَالَى أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ "يَآأيُّهَاالّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتهِ وَلاَتَمُتُنَّ إلاَّوَأنتُمْ مُسْلِمُوْنَ.
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar
Para sadarek kaum muslimin sidang ’id anu mulya
Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka kersana gusti nu maha suci Allah SWT, kalayan rahman sareng rahim-Na urang sadaya dina danget ieu, poe ieu, jam ieu, menit ieu sareng detik ieu masih keneh dipaparin kasehatan tur kasempatan pikeun ngalaksanakeun shalat ’idul fitri 1430 Hijriyah saparantos sasasih lamina urang ngalaksanakeun ibadah puasa. Mugia salamina urang tiasa syukuran kana nikmat anu kacida ageung ieu. Sabab sakapeungan urang sok mopohokeun kana nikmat kasehatan berharga ieu. Mugia ngajantenkeun emutan urang sadaya, sabab teu saeutik dulur-dulur urang anu teu tiasa ngalaksanakeun shalat idul fitri dina poe ieu, kulanataran gering atawa parantos mayunan ngantunkeun urang sadaya.
Sholawat miwah salam mugi salamina dicurahkeun ka junjunan urang sadaya baginda Rasulullah Muhammad SAW, miwah kulawarga, sahabat, teu kakantun kanggo urang sadaya anu tetep tumatep numutkeun kalayan nurutkeun kana ajaran mantena. Sakumaha Allah sareng Malaikat shalawatan ka kanjeung Nabi Muhammad saw, dina al-Qur’an surat Al-ahzab ayat 56, Allah swt ngadawuh :
إِنَّ اللَّهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمً
Hartosna : ”Saestuna Allah katut Malaikat-malaikat-Na ngucapkeun salawat ka Nabi. Yeug jalma-jalma nu ariman ! arucapkeun salawat ka manehna jeung ucapkeun salam kalayan saestuna”
|
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Para sadarek kaum muslimin sidang ’id anu mulya
Dina salah sawios hadis riwayat Imam Abu Dawud, dicarioskaeun yen hiji mangsa nalika Ralulullah SAW bade angkat ngalaksanakeun shalat idul fitri, di tengah jalan Nabi mendakan budak leutik bari ditararanjang dada keur ceurik eueuriheun, padahal ningali batur sapantarnamah keur arulin di lapangan bari ting cikikik seuseurian kusabab bungah ayeuna poe lebaran. Ningali kaayaan kitu, Nabi ngarasa heran jeung panasaran ka eta budak nu keur ceurik, tuluy ditepungan ku Nabi bari ditaros : ”Kunaon maneh ceurik? nyaho ieu teh poe lebaran?, naha teu milu ulin jeung batur maneh di lapang?”. Budak ngajawab : ”Abdi ge teurang ieu teh poe lebaran. Ngan abdimah teu boga alat pikeun ngabungahkeun diri, batur mah wajar wae bungah ge da marake baju nu hade bari jeung marawa duit pamere ti kolotna ”. Nabi nanya deui ka eta budak kusabab panasaran hayang apal latar belakangna : ”Naha lain menta ka kolot maneh?.” Puguh wae mun kolotna aya mah!”, cek eta budak. ”Naha kamana atuh kolot maneh?”, saur Nabi SAW. ”Pun Bapa tos maot nalika perang ngabela agama Allah, ari Ibu, saparantos nikah deui tara pisan merhatikeun malahan mopohokeun abdi”, jawab eta budak. Reuy harita keneh Nabi nyaclakkeun cai mata mireung jawaban ti eta budak. Nabi tuluy nanya : ”Kersa teu lamun maneh dijadikeun anak ku Kaula, jeung Aisyah jadi indung maneh ?”. ”Kersa pisan”, cek eta budak. Harita keneh budak diais terus dibawa ka bumina kanjeug Nabi. Di bumina, ku Aisyah isteri Nabi, budak teh dimandian, dibersihan terus dibajuan ku baju nu panghadena. Budak anu tadina deukil, bari teu make baju jadi bersih, rapih, bari jeung seungit. Bari jeung bungah, budak teh kaluar ti bumina kanjeung Nabi rek nepungan baturna, bari sasauran : ”Abdi, budak nu pangbagjana poe ayeuna, sabab Nabi Muhammad parantos jadi bapa abdi sareng ‘Aisyah ibu abdi”.

Nurutkeun riwayat anu nembean, aya hiji pelajaran pikeun urang sarerea dina nalika nyanghareupan lebaran. Nyaeta, dina poe lebaran ieu, saeuyana tong aya jalma anu sedih. Kaum muslimin sadayana kudu nunjukeun rasa bungah, saparantos sasasih lamina ngajalankeun ibadah puasa. Sok komo deui pikeun burudak nu te boga indung bapa alias yatim piatu, sanajan marenahna teu apal kana hakekat lebaran, tapi pikeun maranehna ulah sampe boga rasa sedih atawa ceurik kulantaran teu boga baju atawa teu boga duit jang jajan.
Salaku jalma nu iman, urang keudah merhatikeun kaayaan di lingkungan urang sadaya. Bisi aya dulur atawa tatangga anu sedih lantaran teu boga nanaon, sabisa-bisa urang keudah ngabantu. Sakumaha parantos dicontoan ku kanjeung Nabi. Anjeuna parantos ngajadikeun budak yatim anu tadina ceurik jadi seuri, anu tadina seudih jadi bungah, anu tadina deukil jadi bersih, sabab eta budak dimadian tur dipasihan bajuan ku baju nu panghadena bahkan nepi ka diangkat ku Nabi jadi putrana.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Para sadarek kaum muslimin sidang ’id anu mulya
Lebaran atawa Idul fitri disebut oge poe kameunangan. Disebut kameunangan kusabab salami sasih lamina urang tos perang ngalawan hawa nafsu. Hawa nafsu saur kanjeng Nabi mangrupikeun musuh nu panggedena. Sakumaha dina hiji riwayat disebatkeun : ”Nalika Rasulullah katut para sahabatna rengse perang ngalawan 1000 kafir Quraisy anu disebut perang Badar. Anjeuna ngadawuh: "cek keneh urang sadaya parantos ngalakona jihad leutik tur bakal nyanghareupan jihad anu leuwih gede”.. Para sahabat heran, lantaran aranjeuna nyangka yen perang Badar mangrupikeun jihad anu gede kumargi loba korban tur loba pangorbanan. Tuntungna sahabat nanya "Jihad naon deui anu leuwih gede ti batan perang Badar ya Rasulullah ?". Jawab Rasulullah : "Puasa, nyaeta jihad merangan hawa nafsu".

Salami puasa, umat Islam dididik jeung dilatih sangkan ngabogaan sikap nya’ah, karunya, jeung berehan ka jalma-jalma fakir, miskin jeung budak yatim. Islam mangrupiekun agama nu sangat peduli ka jalma-jalma nu teu mampu. Ku kutina dina setiap ibadah mahdhoh anu diwajibkeun ka jalma Islam kudu dibarengan ku akhlak nu hade ka fakir miskin. Bahkan, moal sampurna Islam hiji jalma, lamun eta jalma loba ngalaksanakeun ibadah mahdhoh ka gusti Allah, tapi teu dibareungan ku sikap berehan. Jalma anu rajin shalat na, tapi sok ngewa ka budak yatim, tara barang bere kanu miskin, eta jalam cek al-qur’an kaasup kana jalma anu ngabohongan agama. Sakumaha dina dawuhan gusti Allah :
أَرَأَيْتَ الَّذِي يُكَذِّبُ بِالدِّينِ ﴿١﴾ فَذَلِكَ الَّذِي يَدُعُّ الْيَتِيمَ ﴿٢﴾ وَلَا يَحُضُّ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ ﴿٣﴾ فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّينَ ﴿٤﴾ الَّذِينَ هُمْ عَن صَلَاتِهِمْ سَاهُونَ ﴿٥﴾ الَّذِينَ هُمْ يُرَاؤُونَ ﴿٦﴾ وَيَمْنَعُونَ الْمَاعُونَ ﴿٧﴾
Hartosna :
”Naha maneh nyaho jalma-jalma nu ngabohongan agama?. Nya kitu teh jalma nu nolak (kana mere hakna) budak yatim. Jeung tara daek nguar ngajak mere dahar kanu miskin. Ku kituna kacilakaan pikeun jalma-jalma nu sok sholat. Nyaeta jalma-jalma nu mopohokeun jeung ngalalaworakeun sholatna. Nyaeta jalma nu riya (hayang kapuji) sarta tara daek tulung tinulung.
(QS. Al-Ma’un : 1-7)
Berehan mangrupikeun sikap anu mulya. Sabalikna, kikir atawa medit cap jahe kaasup pagawean anu hina. Jalma nu iman moal ngabogaan sikap kikir atawa medit, sabab manehna nyaho yen sagala harta banda anu dibikeun ka manehna mangrupikeun amanat ti gusti Allah swt. Rezeki anu dipasihan ku Gusti Allah, lain pikeun sorangan tapi aya hakna pikeun batur. Di dinya kudu dikaluarkeun tina sabahagian rezekina kujalan ngaluarkeun zakat, infak atawa sodakoh.
Rasulullah ngadawuh:
”Jalma anu berehan atawa dermawan deukeut ka Allah, deukeut ka manusa, jeung deukeut kana surga. Jalma bodo tapi berehan leuwih dipikacinta ku Alloh tibatan jalma pinter tapi kikir”. (HR. Thabrani)
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Para sadarek kaum muslimin sidang ’id anu mulya
Di zaman kiwari, anu disebut zaman globalisasi, beuki loba jalma kaya, tapi oge beuki loba jalma sangsara atawa miskin. Cek para ahli ilmu sosial, ari miskin teh aya duai rupa.
Kahiji, jalma miskin kulantaran maranehana sorangan. Moal aya jalma nu hayang hirup miskin, tapi kadang-kadang kondisi lingkungan anu ngakibatkeun maranehna jadi jalma miskin.
|
Kadua, jalma miskin kulantaran nasib. Teu saeutik budak anu dilahirkeun dina kulawarga nu miskin, manehna rek sakola oge hese kusabab teu boga biaya, kusabab teu sakola manehna teu boga pangabisa, kusabab teu boga pangabisa, manehna teu boga pagawean nu layak, kusabab teu boga pagawean nu layak manehna jadi jalma miskin.
Kabodohan jeung kamiskinan mangrupikeun mata rantai setan anu kudu ku urang di pegatkeun. Kabodohan jeung kamiskinan lain ngan ukur tanggungjawab kuwu, camat, bupati, gubernur atawa presiden, tapi tanggungjawab urang sarerea salaku warga negara. Lamun pamarentahna merhatikeun kana masalah kabodohan jeung kamiskinan, urang salaku rakyatna kudu ngadukung. Salah sawios program pamarentah dina ngentaskeun kabodohan nyaeta program wajib belajar salapan tahun (JARDIKNAS), sakola gratis pikeun barudak SD sampe SMP. Ku kituna program ieu kudu didukung ku urang salaku rakyatna, sangkan barudak atawa generasi urang kapayun tiasa jadi jalma-jalma anu pinter jeung jauh tina kafaqiran. Sabab saur kanjeung Nabi, kafaqiran dekut kana kakufuran.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh
Dina poe anu fitri ieu, khotib umajak ka sadayana kaum muslimin, saparantos bubar ti ieu tempat, mangga urang sasarangen ngayakeun silaturahim. Menta hampura ka dulur-dulur nu deukeut boh nu jauh, tatangga, atawa saha wae anu kenal jeung urang. Datangan dulur-dulur urang anu miskin, biasana maranehan sok minder lamun ngadatangan urang, mending urang nu ngadatangan manehna. Tanyakeun kaayaan manehna, burudakna jeung sajabana. Naon anu kira-kira butuh bantuan, mangga bantu ku urang sabisa-bisa.
Silaturrahim lain ngan ukur sasalaman. Tapi Silaturrahim anu sabanerna nyaeta nyambungken rasa mikanyaah, mikadeudeuh ka papada manusa. Ku jalan berehan ka dulur-dulur anu teu mampu, anak yatim jeung fakir miskin. Allah ngadawuh dina al-Qur’an, anu hartosna : ”Jeung geura bikeun hakna ka kulawarga anu deukeut, kanu mariskin, jeung ka nu keur nyanyabaan, sarta maraneh ulah boro awuntah.” (QS Al-Isra: 26)
بَارَكَ الله لي ولكم في القرأن الكريم ونفعني وإياكم بما فيه من الأيات والذكر الحكيم وتقبل من ومنكم تلاوته إنه هو الغفور الرحيم.
الخطبة الثانية :
|