Budaya Kaera
Nu dimaksud ku kecap budaya kaera nya eta ngabiasakeun hirup mibanda rasa kaera dina sagala widang. Kecap kaera dina bahasa Arab nyaeta al-haya-u, anu hartina al-mathoru atawa nabatat, hartina hujan atawa tutuwuhan, maksadna tutuwuhan bakal tumuwuh subur alatan ayana turun hujan ti langit. Nya kitu deui manusa bakal tumuwuh subur ku kahadean alatan didorong ku rasa kaera.
Numutkeun Imam al-Jurjani dina kitabna al-Ta’rifat, yen anu dimaksud al-haya-u nya eta:
الحياء : إنقباض النفس من شيئ
Hartosna : kaera nya eta teu tugenahna hate tina hiji perkara.
Atawa lamun ku basa sejen mah yen anu dimaksud era teh ngarasa teu tugenah jiwa tina hiji perkara anu matak teu pikageunaheun kana hate, saperti katenjo orat keur mandi alatan aya nu noong, atawa aya hiji perkara anu ngahaja dibuni-buni ari heg teh kanyahoan ku balerea. Tangtu wae ngarasa wirang wiwirang saumur-umur alatan ngarasa diwiwirang dihareupeun jalma, bakating ku era dibeja-beja
Saterusna al-Jurjani ngabagi kaera kana dua rupa. Kahiji, nafsaniy (gharizah/instink), nyaeta rasa kaera anu geus dipelakkeun di sakabeh umat manusa. Boh manusa anu ti belah wetan, kulon, kaler atawa kidul sarua pada-pada mibanda kaera. Rasa kaera nafsaniy ieu anu ngabedakeun manusa jeung sato, sabab sato mah ku gusti Allah teu dipelakkeun rasa kaera, sabab teu perlu, da sato mah rek eraan rek heunteu tetep bakal dipeuncit diracah, da kitu tugas sato mah. Sato mah teu kudu boga rasa hariwang, dumeh awakna rek murah rek mahal demuh teu make baju atawa calana. Atawa sato mah teu kudu guinggasahan dumeh can boga sapatu, baju, sarung weteuh padahal geus deukeut ka lebaran.
Tah, ieu pisan kaunggulan manusa lamun dibandingken jeung sato, dina jero manusa ngahaja dipelakkeun dina hatena rasa kaera atawa kaiisin. Ku rasa kaera ieu manusa mola bakal kakusrukkeun kana hal-hal anu teu perlu. Kadua, imaniy, nya eta rasa kaera anu teu dipasrahkeun ka sakabeh jalma, ieu mah husus ngan keur jalma anu ariman wungkul, nya eta rasa kaera anu ngarojong kuat kana pikeun heunteu milampah anu matak pikaeraeun, saparti ongkoh ngaku muslim atawa dina KTP na Islam ari heg tara solat-solat acan. Leuwih te eta ngarasa boga kaera lamun tea mah dina hiji mangsa milmapah anu teu dipikaridho ku Pangeran
Iman Jeung Kaera
Dina salah sawios hadis, Rasulullah saw ngadawuh :
الحياء من الإيمان
Hartosna : “Kaera eta (torojolna) tina iman”
Naon sababna kaera dipatalikeun jeung iman ? Sabab ari kaera jeung iman the hiji beungkeutan anu teu bisa dipisahkeun. Lamun tea mah dipiceun (dileungitkeun) anu hiji pasti leungit anu hiji deui. Iman jeung kaera lir ibarat uyah jeung asina, atawa gula jeung amisna. Gula teu amis atawa uyah teu asin tetela palsuna, saperti palsuna iman pikeun jalma anu teu boga kaera, atawa bakal sarua jalma anu boga rasa kaera tapi teu didasaran ku kaimanan, nya manehna milampah pagawean ngan saukur bobodoan, lir ucing nyanghareupan paisan anu di hareupeuna dunungan, mangsa aya tungkul siga nu teu purun, siga nu gering tur eraan, tapi mangsa teu aya dununganan nyingkah ti eta tempat mah, ku sagala kabisa nyokot jeung maling mani rikat luar biasa. Kaera ngan jijieunan, lain kaera anu sebenerna torojol tina kaimanan.
Kaera mengarupikeun akhakna para Nabi, sakumaha Nabi Muhamammad misanggem :
إن مما أدرك الناس من كلام النبوة الأولى ادا لم تستح فاصنع ما شئت
Hartosna : “Satemenna tina naon nu kapendak ku manusa tina kasanggeman kanabian ti payun, lamun tea boga kaera mah geura prak pilampah sakahayang anjeun”
Dumasar hadis kasebut di luhur, nya kacida pisan jentrena pikeun urang sadaya yen rasa kaisin ngawasa lalakon lalampahan para utusan Allah swt, sabab memang rasa kaisin ieu mangrupa rem, lamun dina mobil mah, mana komo dina mangsa dunya ngabelesat lumpat tarik luar biasa. Dina mangsa saperti kitu, diperlukan rem anu pakem mingka pangeyedna. Ku urang bisa kabayang, kumaha balukarna lamun dunya ieu teu aya pengremna, cacakan aya rem pangaman oge, dunya the geuningan teu endah.
Lamun manusa geus teu boga kaera, manehna bakal milampah sakahayang sorangan, ieu anu bakal ngahancurkeun dirina. Sabab Allah swt rek ngahancurkeun hiji nagara, nya anu pangheulana dicabut nyaeta rasa kaera ti hambana. Lamun tea mah geus ilang rasa kaera persis kahirupana baris siga sato. Rasa kaera geus teu aya, hirup bakal silih benci jeung mikangewa ka sasama. Sakumaha ditetelakeun ku Rasulullah saw, anuh artosna :
“Lamun Allah seja ngancurkeun saurang manusa, Mantena bakal nyabut rasa kaera. Sarta lamun tea mah rasa kaera geus dicabut, anjeuna moal rek tinemu jeung eta jalma iwal ti kaayaan mikawengan atawa dipikangewa; sarta lamun tea mah eta kajadian the jadi kanyataan, nya bakal dicabut di kalangan manehna amanat, sarta bakal ditukeur ku hianat; sarta lamun eta kajadian, nya tinangtu bakal dicabut rasa kanyaah jeung kadeudeuh, lamun rasa kanyaah jeung kadeudeuh geus dicabut, anjeun moal rek bisa patepung jeung manehna iwal ti bakal silih laknat; sarta lamun eta kajadian geus jadi kanyataan, nya bakal dipinggeskeun beungkeutan Islam” (HR. Ibnu Majah)
Sumber : H. Emon (majalah Iber)
Rabu, 06 April 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar