Senin, 07 Desember 2009

khutbah jum'ah basa sunda "hikmah idul adha"

Khutbah Jumat, Edisi 10 Djulhjjah 1430 H

HIKMAH IDUL ADHA
Oleh : Asep Nurdin, S.Th.I, M.Pd
(Penyuluh Agama Islam Kecamatan Lebakwangi)

الحمدُ لِلهِ وَحده صدق وَحده ونَصَرَ عَبدَه، أشْهَدُ أنْ لاَإلهَ  إلاّاللهُ وَحده لاشريك له وَأشْهَدُ أن مُحَمّدً عبده ورسُولُه لا نبي ولا رسول بعده. أللّهُمَّ صَلىَّ وَسَلِّم عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَنَا مُحَمَّد وَعَلَى ألِهِ وَأصْحَابِهِ ومن تبعه بإحسان الى يوم القيامة.اما بعد، أيهاالحاضرون اوصيكم ونفسي بتقوى الله وطاعته فقد فاز المتقون. قَالَ اللهُ تَعَالَى أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ "يَآأيُّهَاالّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتهِ وَلاَتَمُتُنَّ  إلاَّوَأنتُمْ مُسْلِمُوْنَ"

Sidang Jum’ah rohimakumulloh!
            Mimiti nu utami, hayu urang sadaya manjatkeun puji sinareung syukur ka Alloh Gusti nu Maha Ghopur. Solawat miwah salam mugi salamina dikucurkeun ka junjungan urang sadaya Habibana wa Nabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu tetep tumetep numutkeun kalayan nurutkeun kana tingkah polahna kanjeung Nabi Muhammad dugi ka poe kiamat.
Salaku khotib, simkuring umajak kadiri simkuring sareng kasadayana ahli jum’ah, hayu urang ningkatkeun takwa ka Gusti Allah swt, kalayan ku takwa urang bakal meunang bagjaning dunya rawuh akherat.   

Hadirin, sidang jum’ah anu mulya!
Ayeuna urang sadaya nuju mayunan lebaran idul adha. 'Idul Adha hartosna Hari Raya Kurban. Dingaranan kitu, lantaran ngabogaan maksud pikeun pangeling-eling kana sejarah pangorbanan Nabi Ibrahim as. sareng kulawargana pikeun diconto jeung diturutan ku sakabeh jalma-jalma nu ariman.
Sakumaha dina al-Qur’an dicarioskeun, anu mimiti diparentahkan ku Gusti Allah pikeun ngalaksanakeun qurban nyaeta Nabi Ibrahim a.s. sareung putra anjeuna, Nabi Isma`il a.s. Parentah Allah ka Nabi Ibrahim sanes piwarang meuncit sasatoan saparti onta, sapi, atawa domba, tapi parentah pikeun ngorbankeun putra kandungna, nyaeta Ismail.
Harita Ismail nembe pisan jadi budak tamyiz, yuswana 13 taun. Putra hiji-hijina anu dipikacinta tur dipikanyaah ku Nabi Ibrahim (nalika Ishak teu acan lahir). Ismail mangrupikeun putra anu parantos mangtaun-taun dihareupkeun ku Nabi Ibrahim di yuswana anu tos sepuh. Berang peuting Nabi Ibrahim sareng isterina Siti Hajar ngado’a sangkan dipasihan putra pikeun neruskeun perjuanganana nyebarkeun agama Allah.
Namun, saparantos putrana nincak akil baligh, dongkap parentahan Allah anu hebat ka Nabi Ibrohim, nyaeta kudu ngorbankeun putrana. Sacara jalma anu merdeka ka anu merdeka deui, anjeuna teu kersa maksa, tapi kalawan rintih naros ka putrana, sangkan ka uninga kumaha pandangan putrana terhadap parentah Allah tadi.
Putra anu uninga kana hartosna disiplin anu patuh kana parentah Allah anu salamina ngandung kasaean kanggo perikamanusiaan, patarosanan ramana diwaler ku ucapan anu dicatet dina Qur’an surat As-Shaffat 102, anu unggelna :

….َ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِن شَاء اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ ﴿١٠٢﴾

“...Nun ama, mangga lakonan saniskanten anu diparentahkeun ka ama teh. Ama bakal mendakan kaayaan abdi Insya Allah jadi ti antawis jalmi-jalmi anu salabar".

Mireung waleran ti putrana anu siap jeung tulus ihklas dikorbankeun. Akhirna, kalayan manah anu remuk hancur tapi ikhlas, nabi Ibrahim ngabantun Isma`il ka daerah Mina, ka hiji bukit anu ayeuna disebut Jabal Qurban. Tilu kali Iblis ngagoda Ibrahim sangkan ngabatalkeun niatna, tilu kali oge Ibrahim nolak kana eta gogoda Iblis. Putrana anu parantos sadrah sumerah sagala ragana kalayan tulus ikhlas, digolerkeun kana batu, nembe oge pedang bade digeleserkeun kana beuheung putrana, sumping wahyu ti Allah :

قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ ﴿١٠٥﴾ إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاء الْمُبِينُ ﴿١٠٦﴾ وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ ﴿١٠٧﴾

”Saestuna maneh geus ngalakonan parentah tina impian tea kalawan enya-enya. Saestuna nyakitu Kami ngaganjar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean. Saestuna ieu teh cocoba anu tetela. Jeung Kami geus ngaganti manehna (Ismail) ku peupeuncitaan anu gede (domba anu lintuh)”.  (QS. As-Shaffat : 105 – 107)



Hadirin, kaom muslimin anu mulya!

Saparantosna uninga kana asal muasal riwayat parentah ibadah qurban, aya sababaraha hikmah anu tiasa dijadikeun sandaran pikeun urang sadaya.
Kahiji, numutkeun kana kecap ‘qurban’,  eta asalna tina kecap “qarib”,  hartina duekeut, jeung tina kecap qaraba, hartina ngadeukeutan. Makna ieu aya patula pakaitna sareung proses taqarrub ilalloh, nyaeta ngadeukeutkeun diri ka zat nu maha kawasa gusti Allah SWT. Ku kutina, qurban mangrupikeun sarana pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti nu Maha Suci. Jalma nu ngabogaan iman nu kuat ka Gusti Allah, manehna patuh jeung taat kana sagala naon wae anu diparentahkeun ku Pangerana. Sakumaha dicontoan ku Nabi Ibrohim, nalika diparentahkeun ngorbankeun putrana, Ismail.
Kadua, qurban mangrupikeun sarana tasyakur binnikmah, nyaeta syukuran kana sagala nikmat Allah, terutami nikmat harta banda. Harta banda  teh sadayana gaduhan gusti Allah. Manusa mah ngan ukur dititipan wae. Kusabab kitu, harta banda anu dititipkeun ka manusa kudu bisa dimanfaatkeun pikeun kapantingan nu bogana, nyaeta gusti Allah.
Upami ningali kana kaayaan zaman kiwari, loba jalma ka eunteupan ku panyakit materialisme, nayeta panyakit ”sieun teu mahi”. Cirina jalma nu ngabogaan panyakit materialisme atawa panyakit ”sieun teu mahi”, diantarana, sok ngahalalkeun sagala cara pikeun menangkeun harta banda. Lamun harta bandana geus numpuk, bro di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, manehna oweul ngaluarkeunana, sok komo deui pikeun kapantingan agama. Manehna ngabogaan anggapan, yen harta anu dikaluarkeun dina jalan agama, bakal ngurangan kana kabeungharanana, padahal ”... saenyana Allah teh beunghar teu butuh saeusining alam” (QS. Ali Imran : 97).
Katilu, hikmah nu kawengku di jero ibadah qurban, nyaeta nyieun kahadean mere maweh ka dulur-dulur urang anu butuh pisan kana bantuan jeung pertulungan. Qurban ngadidik urang sadaya sangkan jadi manusa sosial, daek berkorban pikeun karaharjaan sakumna manusa, tur berehan. Kukituna, Islam mere atikan ka urang sangkan hirup cukup, malah bisa nyukupan nu sejen, lain tukang barang penta atawa ngarep-ngarep pamare ti batur.
Hadirin, kaom muslimin anu mulya!
Hikmah-hikmah idul adha anu parantos disampaikan di luhur, mugia janten pangjeujeuh atawa motivasi pikeun urang sadaya sangkan urang kaasup jalma-jalma nu takwa, nyaeta jalma-jalma anu daek berqurban atawa ngaluarkeun harta bandana kalayan niat hayang dipikaridho ku gusti Allah. Sakumaha dawuhan Allah swt :

الَّذِي يُؤْتِي مَالَهُ يَتَزَكَّى ﴿١٨﴾ وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ مِن نِّعْمَةٍ تُجْزَى ﴿١٩﴾ إِلَّا ابْتِغَاء وَجْهِ رَبِّهِ الْأَعْلَى ﴿٢٠﴾ وَلَسَوْفَ يَرْضَى ﴿٢١﴾

”Anu ngadermakeun harta bandana lantaran hayang suci. Jeung (dermana the) lain kusabab males budi ka jalmi nu mere nikmat ka manehna. Ngan anu dipihareupna teh, karido Pangeran nu Maha Luhung. Jeung nu enya-enya dipirido” (QS. Al-Lail ayat : 18–21)


بَارَكَ الله لي ولكم في القرأن الكريم ونفعني وإياكم بما فيه من الأيات والذكر الحكيم وتقبل منِّي ومِنكم تِلاوتَه إنّه هو الغفورٌ الرّحِيم.


الخطبة الثانية :
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ أَنْ هَدَانَا اللهُ. أَشْهَدُ أَنَّ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ؛. فَيَا أَيُّهَا الْمُؤْمِنُوْنَ، اِتَّقُوا اللهَ تَعَالَى حَقَّ تُقَاتِهِ، وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ وَمَلاَئَكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ. أمين يارب العالمين. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ. اَللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ، وَأَرِنَا الْبَاطِلَ باَطِلاً وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا لاَ تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنتَ الْوَهَّابُ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

3 komentar:

  1. Sae pisan khutbah teh kang Asep. eusina mundel sareng teu panjang teuing. pan idul adha mah bade teras meuncit qurban! insya Allah manfaat! nuhun kang Asep. jazakallah. wassalam Penais Tanjungsari Sumedang

    BalasHapus
  2. Sae kang... meuni jetu... loyog sareng manah...

    BalasHapus
  3. assalamu 'alaikum
    Punten nyungkeun widi copy, mugi barokah elmuna

    BalasHapus